Kamis, 29 April 2010

Gajah mada ngalatih prajurit jiga enyaan

Gajah Mada Ngalatih Prajurit Jiga Perang Enyaan
( Babad )

Majapahit teh nagara Agresor. Alatan kasusurung ku ambisi Amateguh Palapa, kahayangna ngan perang jeung perang sangkan nagri sejen “bersatu” aya di sahandapeun bandera Majapahit. Gajah Mada ngalatih prajuritna bebeakan. Lahitan ge jiga perang enyaan, tepikeun ka loba prajurit anu ngalaman tatu malah mah tepika tiwasna pisan dina latihan.
Gajah Mada teh ambisina gede. Boh ambisi keur nanjeurkeun eksistensi dirina boh keur nagarana, nyaeta Majapahit. Basa inyana ngasongkeun cita-cita anu diikrakeun dina Amateguh Palapa, sarerea sasat mere sumanget, sanajan teu mustahil aya anu sokong jongklok ge. Kasebutkeun yen Gajah Mada di Majapahitna oge da sabenerna mah loba anu teu resepeun jeung bakal barungaheun mun mireungeuh Gajah Mada tikusruk. Ari cara ngajongklokeunana, teu salawasna kudu dijongklokkeun kitu bae, tapi oge bisa ku jalan pura-pura ngarojong. Saha nu nyangka yen ti antara pangagung Majapahit anu pada-pada nyumangetan malar Gajah Mada nyukseskeun Amateguh Palapa teh di antara ayan anu boga maksud sangkan Gajah Mada tijalikeuh. Tapi keun eta mah urang bahas engke deui. Ayeuna mah urang ngabandungkeun ketak Gajah Mada dina ngalancarkeun ambisina we.
Sangkan Majapahit kuat, Gajah Mada kudu maksa armada perangna ngapimilik kakuatan tempur. Jadi, sangkan militer Majapahit kuat, Gajah Mada ngalatih prajuritna bebeakan. Sakapeung taya rasrasan. Nu letoy teu meunang ampun, bakal dihukum beurat atawa dionclah.
Di lingkungan Karaton Wilwatikta geus disadiakeun alun-alun Surawa Nangdolan. Lamun keur latihan peperangan, teu bina ti perang enyaan. Gada ngalawan gada. Gobang ngalawan gobang. Aya pasukan panah anu mentang-mentangkeun jamparing ka para prajurit anu keur tarumpak kuda. Saha-saha aprajurit anu tijungkel jeuna kapanggang jamparing, tanwande bakal dionclah, dikaluarkeun tina kaprajuritan.
Hasilna tina latihan, para prajurit Majapahit ngajengkleng jagi prajurit anu kebek ku wawanen, anu teu sieun ku pati, anu tara asa-asa ngabinakaeun lawan.
Dina kanyataan, Prajurit Gajah Mada bisa katembong kejem. Mun geus meruhkeun hiji nagara anu embung tunduk ka manehna, tanwande bakal dibasmi tepika ka akar-akarna. Teu budak teu awewe teu kolot, pasti bakal dibinasa.





sumber majalah Ujung Galuh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar